Nyekel Iman Atawa Paké Topéng? Tanya Ka Diri Saméméh Ditémbal Ku Allah (Al-Baqarah Ayat 9)

Ngalenyepan Surat ka 2 Al-Baqarah 9 (01 - bag 4)

EDISI NGAOS ALQURAN LENYEPANEUN 

Latihan kangge santri pemula. (Khusus nyaliraeun)


Cekel Iman Atawa Paké Topéng? Tanya Ka Diri Saméméh Ditémbal Ku Allah
(Ayat 9)
Ku Ajang Muhammad Abdul Jalil 

يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَالَّذِينَ آمَنُوا وَمَا يَخْدَعُونَ إِلَّا أَنفُسَهُمْ وَمَا يَشْعُرُونَ

Maranéhanana maksudna téh hayang ngalantarankeun bohong ka Allah nu Maha Nyaho sagala, ogé ka jalma-jalma anu geus yakin iman ka Gusti Nu Maha Asih, nanging sajati-na kabohongan maranéhna téh ngabalukarkeun karugian ka diri sorangan sorangan, bari teu aya rasa sadar jeung paham kana kaayaan batin éta kabohongan.

Tafsir Klasik : Al-Ṭabarī ngajelaskeun, kecap "yuḫādiʿūn" asalna tina tipu daya anu nyaru. Jalma munafiq ngarep bisa mengaudit kahadiran jeung niatna ka Allah, padahal Allah Mahanyaho. Ibnu Kathir nambahan, éta tipu-tipu maranéhna mah henteu ngefek ka Allah, malah balik ngarusak dirina sorangan.

Tafsir Tasawuf : Ceuk Imam al-Qusyairī, usaha ngabobodo Allah téh tanda haté anu geus teungteuingeun tina cahaya ma’rifat. Jalma munafiq, sakaligus jalma nu palsu batinna, henteu ngarasa butuh ka Allah — padahal manusa mah cai hungkul nu bisa leumpang, mun henteu ku Ruh Alloh.

Psikologi Ruhani : Dina psikologi, aya istilah self-deception: jalma nipu diri sorangan. Eta jalmi sok karasa pinter, bisa ngatur citra, tapi haténa kosong, leuleus, ruksak ku topéng nu terus dipaké. Jalma munafiq, ceuk ayat ieu, “wa mā yas’’urūn” — teu sadar. Teu sadar yén éta kabohongan téh henteu makalangan, tapi nyieun haténa jadi mati rasa. Lamun jalma tulus mah haténa jadi radar ruhani. Tapi lamun ditipu ku ego, haté jadi teu nyambung deui jeung sinyal ti langit. Padahal haté téh kudu jadi cermin Nur Allah.

 (Renungan saetik)
Sok urang tingali ka diri: sabaraha kali urang nyebut “abdi Muslim”, tapi niat amal téh lain pikeun Allah? Sababaraha kali urang pura-pura padahal haté lempeng nyanghareup ka dunya?

Dina ayat ieu, aya pelajaran penting yén kabohongan spiritual teu saukur nipu batur, tapi paling utamana ngabohong ka diri sorangan. Kabohongan ka Allah, atawa bohong dina niat, ibadah, jeung akhlak, teh hakekatna merugikeun diri urang sorangan. Allah ngingetkeun ku ayat: “Mā yakhda‘ūna illā anfusahum wa mā yasy‘urūn” — maranéhna henteu sadar yén tipu dayana ngan saukur ngarugikeun dirina.

Ibnu ‘Aṭā’illah al-Sakandari ngingetkeun kalawan basajan tapi jero, yén moal aya jalma nu ngarasa aman tina tipu daya Allah kecuali jalma anu teu nyaho ka Allah. Ieu ngandung harti, lamun urang nyangka kabohongan atawa kejelekan urang teu dipikanyaho ku Allah, éta tandana urang teu bener-bener ngarti hakikat Allah anu Maha Nyaho, Maha Adil, jeung Maha Welas Asih. Henteu aya tempat panyumputan tina pangaweruh Allah; sagala anu aya di haté urang pasti kaungkab.

Dina sudut pandang tasawuf jeung psikologi jiwa, kabohongan spiritual téh wujud tina kecemasan batin nu teu sadar. Jalma-jalma ngadamel perisai palsu pikeun nutupan luka jeung rasa teu percaya diri, ku cara pura-pura iman atawa nunjukkeun akhlak anu henteu asli ti haténa. Padahal, kabohongan ieu henteu ngabebaskeun jiwa, tapi sabalikna ngajadikeun batin beku, nurani nu tumpul, sarta jauh ti cahaya ilahi.

Allah nyarios dina ayat ieu yén maranéhna anu bohong, sia-sia bae nyumputkeun hakikatna, sabab kabohongan teh teu bisa nyingkahan hukuman Ilahi. Tiap niat jeung amal, pasti bakal kahontal hasilna, boh hadé atawa goréng. Ku sabab éta, penting pisan urang jujur ka diri sorangan, ngaku kalemahan jeung dosa, sabab kalawan kitu urang tiasa mimitian jalan tobat jeung ngaronjatkeun diri.

Ibnu ‘Aṭā’illah ogé ngingetkeun yén teu aya jalma anu bener-bener putus asa tina rahmat Allah, kajaba jalma anu leungit pangaweruh atawa makrifat ngeunaan Allah. Jadi, sakumaha gedéna salah jeung dosa urang, teu kudu leungit harepan. Rasa hanjakal jeung mikirkeun kasalahan diri téh mangrupa pintu gerbang nu bisa nyambungkeun deui urang ka Allah. Putus asa nyaéta wujud ti teu pahamna hiji jiwa ngeunaan lebaran rahmat Allah anu Maha Agung.

 ما صَدَقَ عَبْدٌ رَبَّهُ إِلَّا صَدَّقَهُ ٱللَّهُ، وَلَا خَابَ مَنْ أَمَّلَ فِيهِ، وَلَا أَمِنَ مَكْرَهُ إِلَّا مَنْ جَهِلَهُ، وَلَا يَيْأَسُ مِن رَّحْمَتِهِ إِلَّا مَنْ قَنَطَ مِن مَعْرِفَتِهِ.
"Moal aya hamba nu jujur ka Gustina, kajaba bakal dibenerkeun ku Allah. Sarta moal rugi jalma nu ngaharepkeun ka Anjeunna. Sarta moal aya nu ngarasa aman tina siasat-Na kajaba jalma nu bodo ka Anjeunna. Sarta moal putus asa tina rahmat-Na kajaba jalma nu geus leungit harepan tina makrifat-Na."

Ku kituna, urang kedah nyarita jujur ka diri sorangan, ngalakukeun muhasabah, sareng lebetkeun haté kana sikap tawadhu. Sanes hartosna langsung jadi suci, tapi ku mimitian nyanghareupan kalemahan diri, urang leuwih caket ka Gusti Nu Maha Welas Asih. Kalakuan jujur ka haté langkung mulya tibatan mun pura-pura hadé, sabab Gusti Mahasuci ningali haté urang, sanes tampilan luar waé.

Henteu aya panyumputan ti panon Gusti. Kitu cenah, hate nu jujur anu walaupun sering lepat, tapi niatna ngajurung pikeun ngabenerkeun diri, langkung mulya tibatan hate anu sok mawa topéng, pura-pura taqwa tapi jauh ti rasa ikhlas. Ieu téh hiji panggero pikeun urang sadayana supaya terus ngukir rasa makrifat, neangan cahaya kanyataan ti Gusti, sarta henteu ngabohong ka diri sorangan.

Wallahu a'lam bisshawab

31 Mei 2025, 04 Dzulhijjah 1446
Ajang Muhammad Abdul Jalil 
(Disclaimer: Simkuring nulis sesuai naon nu difahami ku kuring ayena, tulisan ieu suatu saat bakal aya robah, nambahan atanapi ngirangan. Tergantung pemahaman dina waktos eta. Sabab dugi ka ayeuna simkuring masih kénéh diajar jeung terus terusan ngalenyepan. Janten pamugi kanu maca sing ageung tawakufna, bilih aya kritik atanapi saran kangge kamajengan ditampi pisan) 

SHARE

About Ajang Muhammad Abdul Jalil

    Blogger Comment
    Facebook Comment

0 komentar:

Posting Komentar