Ngaku Iman, Tapi Haténa Kosong: Lamun Allah Nyingkab Hiji Topéng (Al-Baqarah 8)

Ngalenyepan Surat ka 2 Al-Baqarah 8 (01 - bag 3)

EDISI NGAOS ALQURAN LENYEPANEUN 

Latihan kangge santri pemula. (Khusus nyaliraeun)


Ngaku Iman, Tapi Haténa Kosong: Lamun Allah Nyingkab Hiji Topéng

Ku Ajang Muhammad Abdul Jalil 


وَمِنَ ٱلنَّاسِ مَن يَقُولُ ءَامَنَّا بِٱللَّهِ وَبِٱلْيَوْمِ ٱلْءَاخِرِ وَمَا هُم بِمُؤْمِنِينَ

Sarta di antara manusa, aya nu nyebut, “Kami parantos iman ka Allah jeung ka poe ahir,” padahal maranehna lain jalma nu saéstuna iman.

Asbābun Nuzūl :

Dina sajarahna, ayat kahiji dina rangkaian ayat-ayat ngeunaan munāfiq — Surat Al-Baqarah ayat 8 — turun di Madinah, lain di Makkah. Di Makkah mah antara iman jeung kufur bedana jelas. Tapi nalika Islam jadi kuat di Madinah, timbul lah hiji golongan anyar: jalma-jalma nu pura-pura iman, tapi haténa nolak ka Allah jeung Rasul-Nya.

Maranéhna datang ka Rasulullah, nyebutkeun: "Kami iman ka Allah jeung ka akhirat." Tapi Allah langsung ngungkabkeun niat jahat maranéhna ku firman-Nya:

وَمِنَ ٱلنَّاسِ مَن يَقُولُ ءَامَنَّا بِٱللَّهِ وَبِٱلْيَوْمِ ٱلْءَاخِرِ وَمَا هُم بِمُؤْمِنِينَ

Nu dimaksud dina ayat ieu téh, nurutkeun Ibnu ‘Abbas, Qatadah, jeung ahli tafsir séjénna, nyaéta ‘Abdullah bin Ubay bin Salūl, hiji pamingpin suku Khazraj di Madinah. Saencan Rasul hijrah, anjeunna geus dipersiapkeun pikeun jadi raja Madinah. Tapi nalika Nabi Muhammad ﷺ datang jeung dihormat ku kaum Anshar, haténa kebat cemburu jeung dengki. Anjeunna ahirna ngaku Islam, tapi haténa nolak, jeung rencanana pikeun ngabubarkeun Islam ti jero.

Para sahabat henteu nyangka, sabab létahna sarua jeung urang mu’min: nyebut “Āmannā…”, ngumpul di masjid, silih salam. Tapi Allah Maha Uninga kana rahasia haté. Turunna ayat ieu minangka bukti yén iman téh lain ukur ucapan, tapi kudu datang ti haté nu jujur jeung tunduk ka Gusti.

Dina hakekatna, ieu ayat henteu ngan ukur nyaritakeun ‘Abdullah bin Ubay bin Salul. Ieu ogé jadi peringatan pikeun urang ayeuna: sabaraha loba urang nyebut “Abdi Islam”, “Abdi iman”, tapi shalatna asal-asalan, akhlakna matak cilaka, jeung haténa pinuh ku rasa dengki, pamrih, jeung topéng sosial.

Refleksina :

Dina kahirupan ayeuna, seueur pisan jalma anu nyebutkeun, “Kuring Islam. Kuring iman ka Allah.” Tapi naha enya haténa kitu? Naha urang saluyu antara ucapan jeung rasa dina jero dada?

Alloh ngajawab langsung dina ayat munggaran tina rangkaian kisah munafiqin dina Al-Baqarah. Aya di antara manusa nu nyebutkeun yén maranéhna iman ka Allah jeung ka akhirat, padahal sabenerna haténa henteu iman. Létahna nyebut, haténa henteu nerima.

Kecap “يَقُولُ” dina ayat ieu ngagambarkeun yén ieu iman téh ngan ukur ucapan, lain hiji kaayaan batin nu tulus. Ku sabab kitu, Allah ngingetkeun: “وَمَا هُم بِمُؤْمِنِينَ”, maranéhna sabenerna lain golongan jalma nu iman. Ieu téh kalimah teges, kalimah pisan beurat. Palsu. Bohong. Munafik.

Iman téh teu cekap ku nyebutkeun "Kuring Islam", tapi kudu aya tazkiyah — pembersihan diri jeung haté. Urang sok mikir iman téh geus otomatis sabab urang lahir ti kulawarga Muslim. Tapi haté urang henteu diajak kenal ka Allah. Iman urang ngalayang, henteu nepi ka jantung rasa. Shalat ngan asal gerakan, puasa asal teu dahar, ngaji asal merenahkeun jadwal. Tapi haté henteu asup ka vibrasi ilahi.

Ibnu ‘Athaillah as-Sakandariy nyarios dina hikmahna:

"الأعمال صور قائمة، وأرواحها وجود سر الإخلاص فيها."

“Amalan téh saukur gambar kosong, ari nyawana mah nyaeta rahasia ikhlas di jerona.”

Hartina, amal nu urang lakukeun téh bisa jadi ukur kulit, upama teu dihuni ku ruh ikhlas. Sakumaha awak nu tanpa nyawa, amal ibadah ogé tanpa nilai lamun teu aya rasa tulus dina haté. Ieu nu sok kajadian lamun urang ngalakukeun amal, tapi niatna téh pikeun dipuji, pikeun disukai, pikeun kapentingan pribadi.

Dina tradisi tasawuf, hal ieu disebut ‘khaufun minan nifaq’ – sieun kana munafiq. Para wali sok nangis lamun maca ayat ieu, sabab aranjeunna sieun lamun dirinya aya dina kalimah "وَمَا هُم بِمُؤْمِنِينَ". Sieun, sabab éta hartina Allah henteu ngaku urang salaku mu’min.

Dina psikologi, ieu disebut disonansi kognitif – bentrok antara naon nu diucapkeun jeung naon nu dirasa. Haté jeung létahna bentrok. Eta nu nyababkeun kahirupan jadi teu tenang, haté kacau, sarta muncul rasa kosong dina diri.

Sabaraha kali urang nyebut “Allahu Akbar” dina shalat, tapi haté urang henteu ngagedekeun Allah? Sabaraha kali urang maca “La ilaha illallah”, tapi haté urang ngadegkeun ilah-ilah lianna: ego, status, cinta dunia, citra diri?

Sadaya éta bisa nempel dina kahirupan urang tanpa disadari. Urang sigana Islam, tapi teu sadar keur maké topéng iman.

Syekh Sahl at-Tustari nyebutkeun: “Iman téh lain ngan diucapkeun, tapi kudu dirasakeun ku qalbu.”

Ku sabab kitu, hayu urang mulai narik deui haté urang ka arah kejujuran. Jujur ka diri sorangan. Lamun urang masih lalajo dosa bari betah, lamun urang masih ngejat shalat, lamun urang masih bohong, sombong, riya, pamrih — meureun urang tacan iman. Meureun urang tacan sapenuhna ngaku Alloh salaku Gusti.

Mending urang ngaku “Kuring keur diajar iman,” batan maksa nyebut “Kuring geus mu’min,” padahal Allah henteu ngaku éta status dina kitab-Nya.

Ya Allah…

Ulah sempet ayat ieu jadi gambaran diri abdi.
Ulah sempet kalimah “وَمَا هُم بِمُؤْمِنِينَ” nyentuh haté abdi.
Ulah sempet abdi nyebut iman, tapi Engkau teu ningali haté abdi minangka tempat makrifat.
Sing haté ieu jadi tempat iman nu nyusud, nyurup, jeung nyérélék nepi ka amal.
Sing iman abdi lain jadi topéng, tapi jadi cahaya.
Aamiin…

Wallahu a'lam bisshawab

31 Mei 2025, 04 Dzulhijjah 1446

Ajang Muhammad Abdul Jalil 

(Disclaimer: Simkuring nulis sesuai naon nu difahami ku kuring ayena, tulisan ieu suatu saat bakal aya robah, nambahan atanapi ngirangan. Tergantung pemahaman dina waktos eta. Sabab dugi ka ayeuna simkuring masih kénéh diajar jeung terus terusan ngalenyepan. Janten pamugi kanu maca sing ageung tawakufna, bilih aya kritik atanapi saran kangge kamajengan ditampi pisan) 

SHARE

About Ajang Muhammad Abdul Jalil

    Blogger Comment
    Facebook Comment

1 komentar: