NGAOS ALQURAN LENYEPANEUN
Latihan kangge santri pemula. (Khusus nyaliraeun)
Tipe manusia nu katutup total tina bener (nu di blacklist tina hidayah) (Ayat 6–7)
إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا سَوَاءٌ عَلَيْهِمْ أَأَنذَرْتَهُمْ أَمْ لَمْ تُنذِرْهُمْ لَا يُؤْمِنُونَ
خَتَمَ اللَّهُ عَلَىٰ قُلُوبِهِمْ وَعَلَىٰ سَمْعِهِمْ وَعَلَىٰٓ أَبْصَـٰرِهِمْ غِشَـٰوَةٌ ۖ وَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيمٌSaenyana, jelema-jelema nu nolak satemenna (kafir), rék dielinganan ku anjeun atawa henteu ogé, sanes hartina bakal robah haténa. Maranéhna mah henteu bakal iman. Ku Alloh, haté maranéhna geus ditutup rapet. Ceuli maranéhna geus teu bisa ngadéngékeun kajujuran. Panonna katutupan ku lapisan nu ngahalang cahaya. Jeung eta tetep piken jaminan maranéhanana, siksaan anu gede kacida!
"Nalika Hate Geus Dikonci: Ti Jumud ka Fanatisme, Tina Cahaya Jadi Popoek"
Ajang Muhammad Abdul Jalil
Aya nu matak heran, naha dina sabaraha jalma, kalawan jelasna ayat jeung pesen ilahi nu kaluar tina lambaran Qur’an nu sakitu beresih jeung caang, tapi aya nu taya kahayang pikeun narima, henteu kagugah ku kahadean, henteu kabuka haténa kana béja langit nu matak lapang dada. Naon sababna? Naha lantaran goréng haténa, atanapi lantaran aya nu leuwih jero nyorang dirina nu geus leuleus ku rupa-rupa beban batin jeung warisan kabiasaan?
Sajarah geus ngawulang yén dina unggal zaman, nu pangheulana nolak ajaran bebeneran téh biasana lain jalma biasa, tapi golongan bangsawan, pamingpin, jeung kolot adat nu geus lila nyicingan kahormatan dunya. Maranéhna sieun leungit kakawasaan, sieun kabongkar kabodoan, sarta teu daék mundur ti kahormatan nu geus dipibanda. Kolot Quraisy, nu nolak Nabi Muhammad SAW, éta-étana téh jalma terpandang di Mekkah. Nolak wahyu lain sabab teu paham, tapi sabab teu hayang kahayang leungit ku datangna bebeneran. Siga tatangkalan nu akar-akarna nyusud tepi ka jero lemah, éta pangaruh sosial jeung tradisi kolot sering matak meungpeuk cahaya akal.
Psikologi ogé nyaritakeun yén dina diri manusa aya bagian batin nu sok teu narima kana hal anyar nu ngaganggu katengtreman nu geus dipikanyaho. Disebut ku para ahli salaku “mekanisme pertahanan ego”, hiji kawijakan otak pikeun nolak robahan demi ngajaga kapercayaan nu geus lila diagem. Lamun hiji jalma geus yakin yén kapercayaanana nu pang bener, tuluy datang hiji ajaran anyar nu matak ngadobrak sistem mikirna, tangtu otakna ngalawan. Ieu pisan nu dimaksud ku firman Allah:
"خَتَمَ ٱللَّهُ عَلَىٰ قُلُوبِهِمْ" — “Gusti parantos nutup haténa”.
Nutup téh lain sabab Allah jahat, tapi sabab maranéhna geus nutup sorangan ku tembok panolakan nu dibangun ku ego, ku rasa sieun, jeung ku kabiasaan nu dianggep sakral.
Sosiologi ngabeberkeun deui: jeung tekanan sosial, loba jalma nu padahal miboga akal lempeng, tapi sieun leungit tempat dina komunitas lamun narima bebeneran. Fanatisme golongan ngababarkeun rasa sieun ditampik, sieun disebut murtad, sieun disebut pamisah. Di dunya nu beurat ku identitas kelompok, naha éta agama, pulitik, atawa budaya, jalma-jalma sok leungit kabebasan mikir. Malah, salaku mahluk sosial, jalma sok leuwih milih ngarasa aman di jero kelompok nu salah, tibatan nyalira di luar kelompok nu bener.
Sedengkeun antropologi ngajentrekeun yén budaya téh sok ngawangun kerangka kapercayaan nu dianggap suci, padahal teu sakabéhna nyambung kana bebeneran sejati. Budaya, adat, jeung ritual sering dijieun benteng nu ngajaga status quo, teu daék nampa bebeneran anyar, komo lamun datangna ti sumber ilahi. Kapercayaan turun-temurun sok jadi patokan, komo lamun béda jeung wahyu nu asli. Ieu sababna dina sababaraha masyarakat, bebeneran jadi relatif, ditalingakeun kana nilai lokal nu henteu salawasna bener dina ukuran langit.
Nu matak, ku ayana kakuatan sajarah, ego, komunitas, jeung budaya, jeung hate nu beuki lila beuki beku, maka leumpanglah jalma-jalma kana jalan panolakan. Haténa lambat-laun digembok ku pilihanana sorangan, ceuli na henteu nyorang deui sora kahadean, panonna henteu nyorang deui sinar bebeneran. Ieu nu dimaksud dina ayat Al-Baqarah:
"صُمٌّۭ بُكْمٌ عُمْىٌۭ فَهُمْ لَا يَرْجِعُونَ"
"Ceuli na tuli, biwirna bisu, panonna buta. Maranéhna henteu baralik deui."
Teu baralik sabab ku sorangan geus ngantunkeun jalan balik (Nirvana)
Aya waktuna di mana hiji jalma henteu deui mikir nurutkeun rasa nurani, henteu deui maluruh kana kahadean, henteu deui nguping kana kahadean, sabab haténa geus dikonci, ceulina geus dibekelan tulalit, jeung panonna geus kabur ku kabodoan nu disumputkeun ku ego jeung ambek sorangan. Saperti nu disebatkeun dina Surat Al-Baqarah ayat 6–7, éta téh lain keur jalma bodoh, tapi pikeun jalma nu ngahaja nutup diri tina cahaya sanajan geus dihudangkeun ku pitutur jeung kahadean.
Di jero élmu sains nu disebut neurospiritual, aya bagian otak nu kacida pentingna pikeun mikir, ngaduga, narima kabeneran sarta ngajaga ahlak dina lampah, nya éta prefrontal cortex. Ieu bagian otak téh kawas talatah spiritual dina diri urang, tempat di mana kabeneran téh dibuka, ditimbang ku rasa, jeung ditarima ku kahadean. Tapi lamun haté geus dikonci, bagian ieu jadi lemah, henteu aktip, kalah disanghareupan ku amygdala—pusat rasa sieun, ambek, jeung kabingungan.
Nu matak, jalma nu geus fanatik kana hiji golongan, hiji kelompok, atawa kana ajen-ajen nu geus beunang warisan ti karuhun tanpa dipikir heula, biasana hésé narima kabeneran. Haténa geus kaguyur ku rasa sieun ditinggalkeun ku kelompokna, sieun leungit identitas, atawa sieun kudu ngaku salah. Padahal, kabeneran teu kudu datang ti kelompok sorangan. Kabeneran téh asalna ti Allah, teu kagolongkeun ku mazhab, ormas, atawa ajen-ajen budaya nu eukeur dominan.
Sikap jumud, nya éta kagagalan pikeun mekar mikir, nampa pamadegan anyar, atawa ngajawab tantangan zaman ku hikmah jeung tinimbangan akal sehat, téh sabenerna bentuk matina ruh Qur'ani. Padahal, Al-Qur’an téh pinuh ku undangan pikeun tafakkur, tadabbur, sarta ta’aqqul—mikir, nyerenkeun, jeung ngaduga. Tapi lamun fanatisme geus jadi agama, kabeneran moal bisa leumpang. Anu ngaganti kahadean téh nyaéta karasa bener ku sorangan.
Dina lingkungan masarakat urang, sikap fanatik ka golongan, ka guru, atawa ka ormas tangtu, kadang-kadang geus leuwih kuat batan cinta ka kabeneran sorangan. Lamun aya nu béda saeutik, langsung disebut sesat. Lamun aya nu teu sakolot kitu, langsung dijieun musuh. Ieu téh sanés spiritualitas, tapi bentuk lianna tina ta'asshub, atawa kabutahan kolot ku warisan, tanpa milih mana nu bener jeung mana nu lepat.
Naha ieu téh gejala spiritual wungkul? Teu. Ieu ogé gejala psikologis jeung biologis. Otak jalma nu teu mikir beunang bébas téh mirip saperti budak leutik nu henteu acan diajar nangtukeun mana nu penting. Ieu disebut ku élmu otak salaku inaktivasi prefrontal cortex. Hartina, aya bagian dirina nu henteu digawé keur ngolah informasi kalawan bijaksana.
Saperti hate nu geus disegel ku Allah, nurutkeun Al-Baqarah tadi:
"خَتَمَ اللَّهُ عَلَىٰ قُلُوبِهِمْ" — Allah nu nutup haténa. Ku sabab nanaon? Kusabab aranjeunna sorangan nu nolak kabeneran jeung nolak mikir, sarta milih indit tina cahaya. Dina titik ieu, manusa henteu deui "hirup" nurutkeun harti Qur’ani. Anjeunna bisa waé cicing, bisa dahar, bisa ceramah, bisa nulis buku, tapi haténa mati. "أُولَـٰٓئِكَ كَٱلْأَنْعَـٰمِ بَلْ هُمْ أَضَلُّ" (QS. Al-A’raf: 179) Maranéhna téh kawas sasatoan, sanajan leuwih sesat, sabab haté, ceuli jeung panonna teu dipaké pikeun mikir.
Dina zaman kiwari, fenomena ieu teu leungit. Kalolobaan urang milih ngabéla kelompok, tapi henteu daék mikir. Milih perang ngaran agama, tapi henteu daék diajar tina sagala rupa kabeneran. Milih label, tapi henteu milih hikmah.
Sangkan urang ulah kagolong kana jalma nu qalb-na disegel, penting pisan pikeun ngahudangkeun rasa eling jeung waspada, boh kana diri sorangan, boh kana jalan Allah. Salah sahiji cara na nya éta ngarojong aktifna otak bagian prefrontal cortex, nya éta kalawan:
- Tafakur (merenung) kana ayat-ayat Allah;
- Tadabur tina unggal kajadian;
- Ngaji jeung nanya ka nu leuwih terang;
- Ngindarkeun pamustungan kana kelompok, tapi milih kana hakikat;
- Ngalepas gengsi jeung daék ngaku lamun aya nu leuwih bener.
- Lewih ngadéngé nurani
Sakur jalma, sanajan sakilatna leungit rasa, tapi fitrah nu asalna ti Alloh henteu pernah sirna. Saleresna, aya sinar samar di pojok haté nu sok hudang mun aya geter nu jero, mun aya sora nu lain asal ti dunya, tapi ti langit. Dina istilah neurospiritual, ieu téh bagian dina prefrontal cortex nu mibanda fungsi pikeun nyaring makna, nyieun tafakur, mikir jembar, ngolah rasa alus, jeung mikir saluareun kahirupan badagung. Bagian otak ieu, sakumaha ceuk ahli neurosains, aktip nalika jalma nuju meditasi, dzikir, atawa munajat nu jujur. Mangsa éta, haté jeung otak bersatu, ngagero cahaya ti Nu Maha Cahaya.
Jalan balikna nyaéta: ngahudangkeun rasa spiritual nu asli dina diri, nu aya saméméh budaya, saméméh kelompok, saméméh panolakan, saméméh ego. Ieu nu disebut ku para sufi salaku “tahzib al-nafs”, nya éta ngaraketkeun jiwa jeung Gusti ku jalan ngaleungitkeun kabiasaan nu goréng, ngeusian haté ku dzikir, ngolah rasa ku Qur'an, sarta hirup dina keheningan nu jembar.
Al-Qur’an henteu pernah nyerah. Sakapeung ditingalikeun ayat-ayat kosmis, kadang ku ayat-ayat nyentak, kadang ku ayat kasih sayang. Surah Al-Baqarah henteu nyebut yén jalma kafir mustahil balik, tapi nu dimaksud ku “خَتَمَ ٱللَّهُ عَلَىٰ قُلُوبِهِمْ” téh hasil tina pilihan dirina sorangan. Tapi lamun haté éta diala deui, disalametkeun tina hawa nafsu jeung kejem ego, sinar fitrah bakal némbongan deui.
Jadi, jalan balik téh aya dina kesadaran jiwa nu rela ngaleungitkeun kekuasaan nafsu, tur sadar yén kahirupan ieu langkung jembar tibatan sekadar identitas kelompok atawa harga diri kosong. Nu ditéangan téh hikmah, lain pangakuan. Nu dipikaresep téh bener, lain meunang. Nu dideukeutan téh Cahaya Gusti, lain nu disembah ku akal kolektif komunitas.
Hatur nuhun ka neurospiritual, nu jadi jembatan antara geter ilahiah jeung sistem saraf manusa. Dina saat jalma tuluy dzikir jeung tafakur jero, maka otakna bakal narima isyarat éndah, ngajerihkeun rasa leuleus, nyepeng makna kahirupan, tur laun-laun ngaruntagkeun benteng kekafiran nu tadina sekeras baja. Sagala kahampangan bisa dieusi deui. Sagala kabekuan bisa dicairkeun. Sakabéh hate nu lila reueuk bisa dibasahan ku dzikir, bisa disorot ku nur Qur’an. Sakitu ku abdi detik wanci ayeuna, urang tutup ku dua ayat nu jadi tamparan sareng pepeling:
"وَإِذَا قِيلَ لَهُمُ ٱتَّبِعُوا۟ مَآ أَنزَلَ ٱللَّهُ قَالُوا۟ بَلْ نَتَّبِعُ مَآ أَلْفَيْنَا عَلَيْهِ ءَابَآءَنَا"
"Lamun ka maranéhna dikedalkeun: turutan naon nu diturunkeun ku Allah, maranéhna ngajawab: henteu, urang milih turutan naon nu geus jadi ajen karuhun urang."
(QS. Al-Baqarah: 170)
Mudah-mudahan urang sadaya dijauhkeun tina hate nu kaku, jumud, takabur, sarta diberi qalb nu hudang, akal nu eling, jeung ruh nu narima cahaya Allah.
Wallahu a'lam bisshawab
29 Mei 2025, 02 Dzulhijjah 1446
Ajang Muhammad Abdul Jalil
(Disclaimer: Simkuring nulis sesuai naon nu difahami ku kuring ayena, tulisan ieu suatu saat bakal aya robah, nambahan atanapi ngirangan. Tergantung pemahaman dina waktos eta. Sabab dugi ka ayeuna simkuring masih kénéh diajar jeung terus terusan ngalenyepan. Janten pamugi kanu maca sing ageung tawakufna, bilih aya kritik atanapi saran kangge kamajengan ditampi pisan)
0 komentar:
Posting Komentar